UGA WANGSIT SILIWANGI (versi Basa Sunda)

Antara ramalan jeung kanyataan….

Ieu uga teh eusina ramalan ngeunaan jalan kahirupan politik jeung pamarentahan nagara urang ti kawit tilemna Pajajaran tug dugi ka kiwari. Dina ieu uga urang sarerea bakal bisa nyaksian kumaha kalinuhungan elmu Prabu Siliwangi anu geus bisa nganjang ka pageto saperti anu bisa nganyahoankeun kana kajadian anu bakal tumiba ka sakumna rahayat sunda khususna jeung Indonesia umumna. Kumaha ari sikep urang, naha kudu percaya atawa ulah? Ngeunaan hal ieu mah baralik deui ka pribadi masing-masing. Ngan anu kudu ku urang sarerea diemutan, ieu uga teh salah sahiji warisan karuhun sunda anu kacida berhargana.

Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran

Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!

Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu. Najan dia kabehan ka ngaing pada satia, tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipiluen, ngilu jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar.

(((((Kalalakonkeun Prabu Siliwangi Raja Pajajaran dina waktos bade mundur, tapi satueacana mundur, Prabu Siliwangi masihan amanat ka sakumna wadia balad Pajajaran anu masih keneh satia. Didieu Prabu Siliwangi mintonkeun tanggung jawab sareng kawijaksanaan anu kacida luhung salakuning Raja, anjeuna teu bade ngalibetkeun rahayat pikeun tetep tumut sareng ngabdi mertahankeun Pajajaran tapi bari kaayaan sangsara. Prabu Siliwangi nyarios…………)))))

Dia mudu marilih, pikeun hirup kahareupna, supaya engke jagana jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran. Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obahna jaman;

Pilih: ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, henteu pantes jadi raja amun somah sakabehna lapar bae jeung balangsak.

Darengekeun:

Nu dek tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul;

Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kaler;

Anu dek kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wetan;

Anu moal milih ka saha-saha, geura misah ke beulah kulon;

(((((Prabu Siliwangi masihan papagon ka sakumna wadia balad, pikeun milih geusan hirup lumaku sabadana Pajajaran tilem. Prabu Siliwangi ngabagi wadia balad pikeun milih/misah ka opat arah :

Ka wadia balad anu masih tetap satia,  kudu misah ka beulah kidul. Dina ieu uga, aya kamungkinan kidul (selatan) dihartoskeun wilayah priangan timur nyaeta wewengkon Ciamis, Tasikmalaya, Garut sabab ti ieu wewengkon asal lahirna Pajajaran (Galuh Ciamis) terus ngalih ka Tasikmalaya, ti Tasikmalaya teras ka Bogor.

Ka wadia balad anu seja balik ka dayeuh (kota) anu ditinggalkeun, Prabu Siliwangi marentahkeun kanggo misah ka beulah kaler. Dina ieu uga, aya kamungkinan kaler dihartoskeun wilayah Bandung, Bogor jeung Sumedang, nya didieu pisan tempat ngadegna Karajaan Pajajaran (Bogor), anapon  Sumedang dugi ka kiwari ieu wewengkon teh masih satia nyekel deleg jeung nanjeurkeun kabudayaan Sunda dina wangun seni, budaya sareng carita kasundaan anu masih keneh asli titinggal Karajaan Pajajaran.

Ka wadia balad anu seja kumawula kanu keur jaya, Prabu Siliwangi marentahkeun misah ka beulah wetan. “Ka nu keur jaya”, ieu kecap teh nunjuk ka karajaan Majapahit di wewengkon Jawa anu mangsa harita keur jaya-jayana ngawasa saantero nusantara. Tug dugi ka kiwari wadia balad Majapahit (urang Jawa) masih tetep ngawasa di Nusantara utamana dina widang politik jeung pamarentahan, nya sabagianna aya oge balad Pajajaran anu milu. Malah nu lain urang Jawa mah sok ngaheureuykeun yen nagara Indonesia mah teu aya, aya ge nagara Jawa, atanapi luar Jawa tapi di Jawakeun (Jawanisasi). Keur jalma nu diajar sajarah katut neuleuman elmu-elmu sosial ieu geus aneh..sabab salah sahiji bibit ruwit muculna masalah separatisme teh nya ieu poko pangkalna.

Ka wadia balad anu moal milih ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon.

Kulon didieu nyaeta wewengkon beulah kulon Jawa Barat, utamana Banten. Nya wadia balad anu milih teu milih ka saha-saha antuknya misah tur ngahiji dina ieu wewengkon, aya kamungkinan anu dimaksad ku Prabu Siliwangi teh nyaeta masyarakat Baduy anu dugi ka kiwari masih hirup kalayan nyekel pageuh kana papagon karuhun, malah agamana oge masih agama asli, Sunda Wiwitan.)))))

Darengekeun:

(((((Dina bagean ieu, Prabu Siliwangi masihan pepeling ka sakumna wadia balad Pajajaran.)))))

Dia nu di beulah wetan, masing nyararaho : kajayaan milu jeung dia; nya turunan dia anu engke bakal marentah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engke bakal aya balesna. Jig geura narindak !

(((((Ieu pepeling Prabu Siliwangi teh dugi ka kiwari ku urang bisa kasaksian. Anu jadi pamingpin di nagara urang lolobana urang Jawa. Sukarno, Suharto, Gus Dur, Megawati, SBY sadayana urang wetan (Jawa). Anapon kitu deui anu nyekel kakawasaan marentah di pamarentahan puseur oge kalolobaanna urang Jawa. Ngan hanjakal ieu pamingpin turunan wetan teh memang bener-bener “kamalinaan” jeung goreng tungtung, di ahir kakawasaanna sok dijungkirkeun batur (suul khotimah); Sukarno, Suharto, Gus Dur, Megawati di ahir waktu kakawasaannana ngajuralit ku cara anu teu terhormat. Mun ningali kana sajarah, bangsa urang mah jiga anu disupata, jalma loba nu silih ala pati jeung silih rogahala pikeun marebutkeun kakawasaan. Urang tangtu masih inget kumaa Ken Arok ngala pati empu anu nyieun keris pusaka ku lantaran hayang jadi raja singosari? Anu antukna mah singosarina ancur, manehna nelasan pati ku kerisna sorangan. Ieu jalma ti wetan teh jaradi pamingpin anu luhur tapi kahirupan rahayat susah jeung balangsak wae)))))

Dia nu di belah kulon; papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkena turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang sauyunan, ka sakabeh nu rancage di hatena.

Engke jaga mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadenge sora tutunggulan, tah eta tandana : saturunan dia disasambat ku nu dek kawin di Lebak Cawene. Ulah sina talangke. Sabab talaga bakal bedah; Jig, geura narindak ! Tapi ulah ngalieuk ka tukang !

(((((Wadia balad anu misah ke beulah kulon, bisa ku urang dititenan tug dugi ka kiwari ariyana teu kabawa ku sakaba-kaba, ariyana tetep teguh teu milu jeung teu di parentah ku sasaha. Najan nu marentah ieu nagara wadia balad ti Wetan, ariyana mah teu pernah bener-bener bisa ditalukeun, makana ariyana dina nyorang kahirupan teh pinuh ku katengtreman, jauh tina mumusuhan, cocok mun jadi panggeuing ka batur anu keur ka sasar lampah.

Ari anu dimaksud “papay ku dia lacak ki Santang” ieu ngenaan kana sajarah Kiansantang, putra mahkota Prabu Siliwangi anu lebet Islam. Ki Santang dina uga ieu oge bisa ditafsirkeun umatna Rasulullah SAW ngalangkungan Prabu Kian Santang anu napak tur nagajalankeun ajaran Sunan Kalijaga (Banten) sareng Sunan Gunung Jati (Cirebon). Perlu oge diemut yen alur sajarah Kaislaman di tatar Pasundan teu tiasa di leupaskeun tina dua Kasultanan ieu, Banten jeung Cirebon. Kasultanan Banten ciri utamana Islam kalawan disipuh ku elmu pangaweruh kadigjayaan sedengkeun Cirebon corak Kaislaman anu disipuh ku elmu kabatinan, mirip corak Kaislaman di tanah Jawa. Ku kituna tong heran mun wadia balad Pajajaran anu aya di beulah kulon miboga warisan elmu pangaweruh anu langka dipiboga ku wadia balad anu lian.

Ngan ngeunaan siloka ti gunung halimun…………… eta dugi ka ayeuna can tiasa kabuka maksudna)))))

Dia nu marisah ka beulah kaler; darengekeun!

Dayeuh ku dia moal kasampak, ngan ukur tegal baladeuhan. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu pangkat, bakal luhur di pangkatna, tapi moal boga kakawasaan. Ariyana engke jaga, bakal kasendeuhan batur. Loba batur tinu anggang tapi batur nu sarusah jeung batur nu nyusahkeun. Sing waspada!

(((((Kecap Prabu Siliwangi ieu geus bisa dibuktikeun dina alam kiwari. Bandung, Bogor, Sumedang, dugi ka Bekasi, depok, Jakarta, tempat wadia balad Pajajaran di beulah kaler ayeuna geus jadi salah sahiji wewengkon pendidikan, pusat bisnis Jawa Barat jeung ibukota nagara. Didieu ngadeg mangrupa-rupa Universitas/Institut/Sekolah Tinggi tingkat Daerah/Nasional/Internasional. Wewengkon kaler ayeuna geus loba kasendeuhan (kadatangan) batur, jutaan mahasiswa jeung pendatang anu ti siklakna ti siklukna, anu ti jero pulau anu ti luar pulau dugi ka luar nagri tumplek ngahiji di wewengkon ieu. Ari wadia balad Pajajarana kamarana? Jaradi somah (semah=nu boga imah tapi teu boga nanaon, ngan saukur bisa ningalikeun batur). Ngeunaan pangkat? Loba terah Pajajaran ti beulah kaler –utamana sumedang– anu luhur di pangkatna, malah aya anu jadi wakil presiden ngan hanjakal teu boga kakawasaan anu nyata, teu bisa mere parentah anu ditumut ku saeusi nagara, sabab kakawasaan tetep di cekel ku urang wetan (Jawa))))).

Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu nu perlu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan anu hade laku lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu, mun ngaing nyarita moal kadenge.

Memang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu geus rancage hatena, kanu weruh disemu anu saestu, anu ngarti kana wangi nu sajati jeung nu surti lanti pikirna, nu hade laku lampahna.

(((((Ieu kecap Prabu Siliwangi teh ngagaduhan maksad yen prabu Siliwangi jeung Pajajaran bakal tetep hirup dugi ka kiwari ngan lain dina wujud bungkeuleukan (jasadiah) tapi dina wangun tetap lestarina sajarah jeung elmu pangarti kasundaan warisan ti karuhun-karuhun sunda. Tapi ieu elmu kasundaan teh moal bisa sambarangan dipibanda, teu sakabeh wadia balad Pajajaran bakal mampuh ngawasa sajarah jeung ngarti kana ieu elmu. Ngan saukur jalma anu ngabogaan hate anu bersih tur pinuh ku sumanget (rancage hatena); ngabogaan elmu jeung pangabisa anu luhung (dunya & agama) (weruh disemu); pinter tapi heunteu  guminter jeung kabalinger, ngarti kana sajatina elmu, ngabogaan kawijaksanaan anu luhur, jeung ka nu ngabogaan pola pikir anu cerdas tur bener-bener ngarti kana masalah anu aya (surti lanti pikirna) jeung nu hade laku lampahna. Jelas didieu ngan wadia balad anu bisa nyumponan eta syarat anu bakal miboga kakuatan jeung kawijaksanaan sapertos Prabu Siliwangi, jadi ruh Pajajaran moal turun jeung dipiboga ku sambarangan jalma sanajan urang sunda oge, da teu sakabeh urang sunda ngabogaan eta ciri. Singketna ngan wadia balad anu geus kabuka hijabna anu bakal didatangan ku kawijaksanaan Prabu Siliwangi ))))).

Mun ngaing datang : teu ngarupa teu nyawara, tapi mere ciri ku wawangi. Ti mimiti poe ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit ngarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti nu kari, bakal rea nu marungkir!

(((((Pajajaran dina wangkit ieu TILEM. Tilem hartina leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Pajajaran runtuh tapi runtuh lain diancurkeun atawa dielehkeun ku karajaan/bangsa sejen termasuk ku Majapahit (wetan). Pajajaran leungit ku sabab hayang leungit. Ku kituna mun dina sajarah ayeuna disebutkeun yen Mahapatih Gadjah Mada ti karajaan Majapahit geus hasil ngahijikeun Nusantara dina raraga ngawujudkeun sumpah palapa. Eta salah!! Aya hiji karajaan anu teu bisa ditalukeun ku Gadjah Mada nyaeta Pajajaran. Dina naskah Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara II/2 dilalakonkeun yen sawaktos Perang Bubat (perang antawis Pajajaran ngalawan Majapahit) Sri Baduga gegentos Prabu Wangi (anu salajengna katurunannana disebat Prabu Siliwangi) seeur ngabinasakeun musuhna, kumargi sang Prabu Maharaja salian ti pinter dina elmu perang  oge pinter dina ngagunakeun rupa-rupa elmu senjata, Sang Prabu Maharaja teu hoyong mun nagarana (Pajajaran/Jawa Barat) diparentah tur dijajah ku bangsa lian. Antukna Sang Prabu Maharaja gugur sareng sadaya baladna di medan perang, tapi Mahapatih Gajah Mada oge kawon lantaran tatu ku keris Putri Dyah Pitaloka, anu eta tatu moal bisa dicageurkeun (ngeunaan sajarah Perang Bubat aya fakta anu diputer balik, tapi alhamdulillah geus aya sumber ti salah saurang tokoh Sunda anu menerkeun deui kana jalan sajarah Kasundaan, langkung jelasna mah ku sim kuring bakal diserat ulang dina ieu blog). Tapi kanyataan ieu teh bakal ditampik, bakal loba anu marungkir utamana nu di beulah wetan, sajarah bakal di puter balik, sanajan loba bukti anu kuat teu dipalire )))))

Tapi, engke jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya nu laleungit kapanggih deui, nya bisa, ngan mapayna kudu make amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu aing pangpinterna. Mudu aredan heula.

Engke bakal rea nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang.

(((((Dina mangsa ieu, bakal aya anu nyoba-nyoba deui pikeun ngumpulkeun sajarah jeung elmu warisan karuhun, nya bisa bakal kaparanggih deui tapi anu mapay eta elmu karuhun teh kudu jalma anu handap asor teu umaki asa aing pangpinterna (mapayna kudu make amparan). Ieu jadi hiji jawaban ku naon kolot-kolot urang baheula boga elmu anu luhung kadang teu kaharti ku pikir teu kahontal ku akal da meureun waktu diajarna dibarengan ku sikep paripolah jeung hate anu bersih karena Allah (make amparan). Karuhun urang baheula mah boga elmu linuhung tapi leumpang tetap tungkul ka bumi. Ari jalma jaman ayeuna? Boga elmu saeutik ge leumpangna geus dangah ka langit bari nangtang nu kawasa.

Saha ari nu dimaksud raja panyelang? Aya kamungkinan raja-raja ti Karajaan Majapahit, sabab salah sahiji raja anu mashur kalayan ngabogaan karajaan anu bisa ngawasa saantero nusantara ngan karajaan Majapahit. Jeung mun nitenan kecap “raja panyelang”, berarti ieu raja teh moal lila kakawasaana, sabab bakal digantikeun ku raja sejen)))))

Aya nu wani ngorehan terus, teu ngahiding ka panglarang; ngorehan bari ngalawan, ngalawan bari seuri, Nya eta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtung, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang.

Ari ngangona ?

Lain kebo lain embe, lain meong lain banteng, tapi kalakay jeung tutunggul. Iyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalakonkeun. Engke mun wayah jeung mangsana, baris loba nau kabuka jeung rareang marenta dilalakonkeun.

(((((Tapi sanajan dilarang ku raja panyelang, aya anu tetep wani ngorehan sajarah jeung elmu karuhun. Saha? Nyaeta budak angon. Saha ari ieu budak angon…ke bakal coba diterangkeun dina bait anu saterusna, sabab kecap budak angon teh sababaraha kali dikedalkeun ku Prabu Siliwangi. Ieu budak angon teh kacida istimewa, sabab kagolong salah sahiji anu didatangan ku Prabu Siliwangi kusabab ngabogaan ciri-ciri anu disebutkeun ku Prabu Siliwangi)))))

Tapi mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang : undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktu nu nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.

(((((Saban jaman aya pangeusina sewang-sewangan, tiap jaman boga lalakon; eta lalakon bakal ganti mun jaman oge ganti (conto : lalakon di tahun 60-an moal sarua jeung di taun 2010 boh dina model pakean, gaya hirup, jll) Ku kituna tinggal pilih urang anu kudu bisa ngigeulan jaman atawa urang anu bisa ngigeulkeun jaman. Naha jaman anu ngatur lalakon atau sabalikna lalakon anu ngatur jaman? Tapi kadang kaayaan di hiji jaman sok kaalaman deui dina jaman sejen. Contona : di taun 60-an rahayat urang loba nu ngantri sembako, kusabab jaman anu werit. Kaayaan itu karandapan dina mangsa reformasi dimana rahayat kudu ngantri minyak jeung sembako)))))

Darengekeun !

Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi ka mangsa : “tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol.”

Tah didinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barule, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu.

Kebo bule nyekel bubuntut, turunan urang narik wuluku, ngan narikna henteu karasa sabab murah jaman jeung seubeuh hakan.

(((((Dina mangsa ieu, mimiti kaum penjajah datang ka nagara urang, dimimitian ku Portugis, Inggris terus Belanda, mimitina mah ieu penjajah teh ngan datang pikeun dagang tujuana mah rek ka Maluku tapi eureun heula di Banten (tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol). Tapi antukna mah sanagara jadi dijajah (sanagara jadi sampalan, sampalan kebo barule), ieu penjajah teh diparentah ku para menir/gubernur jangkung anu marentah di puseur kota tempat pamarentahan (alun-alun), ti harita raja-raja urang teu bisa walakaya. Para bupati/demang bangsa urang tetep marentah tapi dikendalikeun ku penjajah (kebo bule nyekel bubuntut, turunan urang narik wuluku) tapi bangsa urang pasrah sabab penjajah jeung pamingpin pribumi masih merhatikeun sandang jeung pangan kabutuhan rahayat. Numutkeun ahli-ahli sajarah, Belanda teh salah sahiji penjajah anu pinter, manehna ngajajah tapi awalna rahayat teu loba nu sadar jeung ngalawan kusabab manehna ngajajah ngamangfaatkeun pamimpin-pamimpin pribumi di tingkat handap saperti bupati, wadana, demang, jsb; jadi keur rahayat mah asa teu dijajah. Ieu ngabuka hiji rahasia kunaon elmu-elmu karuhun sunda teh sok jiga anu disumputkeun, karuhun urang tara ngajarkeun elmu sacara terang-terangan, tapi sok dibungkus jeung disumputkeun dina wangun siloka, kawih, pupuh, uga, jrr. Kusabab? Sabab saha wae anu kapanggih ngawariskeun elmuna bakal dirogahala ku penjajah. Jadi, didieu penjajah teh henteu bodo, urang Belanda teh geus apaleun kana bahayana lamun eta elmu-elmu warisan karuhun sunda teh nepi ka sumebar)))))

Ti dinya, wuluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir. Tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu kapangih, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili. Nya kabawa nu lain mudu diala.!

Turunan urang loba nu henteu engeuh, yen jaman ganti lalakon !

Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngalanteur pamuka jalan; tapi jalan nu kasingsal.

Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bule kalalabur : laju sampalan nu diranjah monyet!

(((((Mangsa ieu jaman ganti deui lalakon! Bangsa Jepang (kunyuk) datang, ku bangsa urang dibageakeun, dianggap pahlawan jeung dulur kolot bakal ngabebaskeun tina penjajahan Belanda, Bangsa urang ngadukung Jepang pikeun ngalawan tur ngabuburak Belanda, tapi nyata salah sabab Jepang oge sabenerna sarua datang ka nagara urang teh rek ngajajah (panto nutup di buburak ku nu ngalanteur pamuka jalan; tapi jalan nu kasingsal). Penjajah Belanda kalabur ka nagarana, ayeuna ganti anu ngawasa bangsa urang teh monyet (Jepang))))))

Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri henteu anggeus, sabab kaburu : warung beak ku monyet, leuit beak ku monyet, kebon beak ku monyet, sawah beak ku monyet, huma di acak-acak ku monyet, cawene rereuneuh ku monyet. Sagala-gala diranjah ku monyet. Turunan urang sieun ku niru-niru monyet.

“Panarat” dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Wulukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan.

(((((Bangsa urang atoh pisan (ngeunah seuri) sabab ku kadatangan Jepang lir ibarat geus bisa bebas tina penjajahan Belanda. (Tapi seuri henteu anggeus) sabab bangsa urang kakara sadar yen ieu bangsa Jepang teh sarua datangna kadieu teh rek ngajajah oge, malahan leuwih garang, sagala anu aya di bangsa urang dibadog, dirampog, tuluy diangkut. Hasil kebon, sawah, huma dipaling. Bangsa urang dijajah tur dikandalikeun deui ku Jepang, nepi ka rahayat urang loba anu nelasan pati lantaran jaradi romusha. Bangsa urang ayeuna ganti anu ngandalikeun, bangsa Jepang anu marentah (panarat dicekel ku monyet) )))))

Ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyayahoanan maresek caturangga. Henteu arengeuh, yen jaman geus ganti deui lalakon.

Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kaler ngaguruh, galudra megarkeun endog. Genjlong saamparan jagat!

(((((Ti dinya bangsa urang ngayakeun perlawanan ku cara fisik jeung diplomasi, sabari eta bangsa urang geus mimiti nyobaan nyusun dasar nagara – nyaeta Pancasila ayeuna – lamun engke merdeka (nyanyahoanan maresek caturangga), tapi penjajahan ku ieu Jepang teh teu pati lila ngan saukur 3,5 tahun (ngarep-ngarep pelak jagong, umur jagong dikiaskeun 3,5 bulan = 3,5 taun). Jaman bakal ganti deui lalakon! Iraha? Saeunggeus Sekutu anu dipimpin ku Amerika nurunkeun bom Atom di Hiroshima jeung Nagasaki (ti tungtung sagara kaler ngaguruh = posisi jepang lamun di tingali dina peta ayana dina kalereun Indonesia, jauh di tuntung samudera pasifik) (galudra = lambang nagara Amerika –anu mangsa harita jadi pimpinan sekutu, komandana Laksamana Eisenhower–  mangrupa manuk garuda, megarkeun endog = nurunkeun bom atom nepi ka ngaratekeun ieu 2 kota penting kakaisaran Jepang). Numutkeun panuturan saksi anu ngalaman eta mangsa, saking rohakana eta bom atom, gempana nepikeun ka karasa Indonesia = genjlong saamparan jagat!). Ieu kajadian teh bisa muterbalikeun kanyataan anu tadina penjajah Jepang anu ngawasa ayeuna sekutu anu ngawasa, peta kakawasaan perang dunya robah).)))))

Ari di urang !

Rame ku nu mangpring. Prang-pring sabulu-bulu gading. Monyet ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan.

Loba nu paraeh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur ; puguh batur, disebut musuh.

Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu marentah cara nu edan. Nu bingung tambah baringung ; barudak satepak jaradi bapa. Nu ngaramuk tambah rosa ; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas di buburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani saheng buana urang, sabab nu ngaramuk, hanteu beda tina tawon, dipalengpeng keuna sayangnya.

Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih;  nu nyapihna urang sabrang.

(((((Ari di nagara urang, rame ku anu kabur, kabur sajadi-jadina, tentara Jepang teu walakaya, serah bongkokan ka Sekutu (monyet ngumpul ting rumpuyuk). Sawareh aya anu balik kabur ka nagarana, sawareh tetep cicing di nagara urang sabab wirang mun balik bari eleh. Ari bangsa urang? Ngamuk nguwak-ngawik males ka bangsa Jepang, tapi hanjakal deui loba anu salah sasaran sabab bangsa urang salian kudu nyanghareupan jepang oge kudu nyanghareupan Sekutu anu ngabonceng Belanda ditambah ku lobana pemberontakan di jero nagri anu asalna mah balad urang tadina. Republik ieu jadi tempat jagal jeung sampalan perang anu rohaka. Tapi….kaburu aya nu nyapih nyaeta bangsa luar make jalur perundingan (Linggarjati, KTN, Renville, sakabehna di sapih ku urang luar : Amerika, Australia, Belgia, jst).)))))

Laju ngajeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi memang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulau dewata. Da puguh titisan raja; raja anyar hese apes ku rogahala!

(((((Anu di maksud RAJA dina ieu bait teh nyaeta SUKARNO, presiden ka hiji RI. Anjeunana memang jalma biasa tapi sabenerna asli turunan raja. Ibuna I Dayu Nyoman Rai asalna ti Pulau Dewata (Bali) turunan Raja Singaradja anu ngayakeun perang Puputan ngalawan kakawasaan Belanda (baca : Sukarno An Autobiografi As Told by Cindy Adam). Sedengkeun ramana Raden Sukemi Sastrodiningrat, nyaeta turunan raja/sultan ti Kediri. Ku kituna Sukarno teh memang bener-bener titisan raja anu hese dirogahala jeung bakal mimpin rahayat ngalawan penjajah.)))))

Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lalakon; Iraha? Henteu lila, anggeus tembong bulang ti beurang, disusul kaliwatan ku bentang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain tuereuh Pajajaran.

(((((Proklamasi Kamerdekaan RI (bulan ti beurang = bulan ramadhan; bulan sucina umat Islam) Proklamasi poe jumaah jam 10 isuk-isuk (bentang caang ngagenclang). Dugi ka kiwari Bentang jeung Bulan sok dijieun simbol anu aya patula patalina jeung Islam.

Dina ieu bait, anu dimaksud karajaan di jeroeun karajaan teh nyaeta Darul Islam (DII/TII) pimpinan S.M. Kartosuwiryo anu boga maksud pikeun ngadegkeun Negara Islam Indonesia, Kartosuwiryo memang lain turunan ti Pajajaran. Tapi ieu nagara anyar teh bisa ditumpes ku Siliwangi jeung rahayat Jawa Barat ku jalan ngayakeun pager bitis.)))))

Laju aya deui raja, raja buta nu ngadegkeun lawang nu teu meunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang di tutup, nyieun pancuran di tengah jalan. Miara heulang dina caringin.

Da raja buta ! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyet ngorowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing : nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngelingan.

(((((Saha ieu raja anyar teh? Saha deui lamun lain SUHARTO…Inyana geus ngadegkeun karajaan sorangan anu sawenang-wenang (otoriter), marentah kumaha aing. Loba anu jaradi korban, rahayat jeung tokoh anu nyobaan ngelingan malah dituduh rek ngalawan ka nagara (subversif), eta jalma ditewak (diporog) terus diasupkeun kana pangberokan (panjara). Miara heulang dina caringin (heulang = pancasila, caringin = salah sahiji partai anu gambarna caringin). Jadi ieu raja teh jadi kuat ku sabab make tameng pancasila anu didukung ku partai caringin.)))))

Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan ; da nu ngawulukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan : tarate hepe sawareh, kembang kapas hapa buahna; buah pare loba nu asup kana aseupan …

Da bonganna, nu ngebonna tukang barohong ;  nu tanina ngan wungkul jangji ; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.

(((((Ieu buta anu dipimpin ku Raja anyar teh beuki ngagalaksak, KKN geus jadi budaya anyar. Kakawasaan jeung harta dunya geus jadi berhala anyar, anu terus dikumpulkeun, diteangan tur disembah. Nagara anu meunang hese cape merjoangkeun teh jadi awut-awutan teu pararuguh kusabab nagara loba dicekel ku jalma lain ahlina, ulama loba nu kasasar lampah kabadi ku elmuna, tentara malik jadi musuh rahayat sabab milu ancrub ka politik (bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan, da nu ngawulukuna lain jalma tukang tani), cindekna mah ieu raja teh loba salah nendeun jalma (henteu teh right man on teh right place).

Di jaman ieu raja, para pamingpina teh ngan ukur bisa ngabohong jeung ngobral janji, rahayat di jangjikeun rek kitu-rek kieu (kampanye) ari geus kapilih mah rahayat teu dipalire sama sakali. Loba jalma pinter, tapi pinterna kabalinger, bisana ngan nipu jeung ngabobodo rahayat  anu memang bodo).)))))

Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung, bari nyoren kaneron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngelingan ka nu paroho. Tapi henteu diwawaro !

Da pinterna kabalinger, harayang meunang sorangan. Arinyana teu arengeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan.

Boro-boro dek ngawaro, malah budak janggotan, ku ariyana di tewak diasupkeun ka pangberokan. Laju ariyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun neangan musuh; padahal ariyana nyiar-nyiar pimusuheun. Sing waspada ! Sabab engke ariyana, bakal nyaram Pajajaran di dongengkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana ariyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat.

(((((Dina mangsa ieu aya sabagean kalangan Islam (tokoh ulama/ustad=budak janggotan) anu nyobaan ngelingan ka raja anu keur sasar. Tapi eta raja anu keur sasar teh tibatan nurut malah malik ngewa, eta budak janggotan teh ditewak tuluy diasupken ka penjara. Ieu balad raja buta memang lolobana pinter kabalinger, kapinterannana dipake jang nindes rahayat. Maranehannana teu sadar yen kajayaan sakeudeung deui bakal runtuh, jaman bakal robah. Sabab rahayat anu kuciwa bakal nungtut ieu raja ngarah diturunkeun.

“Nyaram Pajajaran di dongengkeun” ieu geus jadi rahasia umum, yen di jaman Suharto hampir kabeh sajarah teh loba anu kasingsal, loba anu dijiuen salah, loba anu diputerbalikeun keur kapentingan jeung kakawasaannana. Sajarah anu asli tur lempeng bener satekah polah dihalangan atawa dileungitkeun (sejarah Supersemar, Sejarah Gerakan G30S/PKI, sajarah Perang Bubat, jrr). Sabab lamun ieu sajarah kabuka terus dilempengkeun deui, maka raja Buta bakal kanyahoeun sagala talajak gorengna, sabab manehanana anu sabenerna jadi pangkal sabab kaancuran ieu nagara.)))))

Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bule. Ariyana teu nyaraho, yen harita teh jaman geus asup kana jaman : jaman sato. Jaman manusa dikawasaan ku sato !

Jayana buta-buta henteu pati lila; tapi, bongan kacida teuing nyangsara ka somah, loba somah anu pada ngarep-ngarep caringin rentas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan.

(((((Ieu buta-buta balad raja buta sasar teh beuki ngagalaksak wae, kalakuanna dina nyangsarakeun rahayat teh estuning geus ngaleuwihan para penjajah bangsa deungeun anu baheula ngajajah urang. Ieu jaman memang teu beda ti jaman sato, hukum anu aya ngan hukum rimba, halal-haram geus teu dipalire, anu aya buta-buta teh terus-terusan ngumpulkeun harta jeung kakawasaan. Tapi……..rahayat anu geus teu tahan mimiti ngalawan, tahun 1998 partai caringin jeung sagala kakawasaannana runtuh, di mimitian di Jakarta (gedong MPR) terus ngarembet ke saantero nusantara (caringin reuntas di alun-alun). Ieu raja buta diturunkeun sacara paksa. Buta-buta anu baheula kawasa teh antukna mah ayeuna jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan, aya anu ditewak di asupkeun ka pangberokan, aya anu ngajuralit tina kakawasaanana.)))))

Iraha mangsana ?

Engke mun geus tembong budak angon !

(((((Saha anu di maksud budak angon dina bagean ieu? Nyaeta teu lian para reformis jeung mahasiswa anu dipimpin ku tokoh reformasi, ieu tokoh reformasi anu memang ti baheula oge teu resep ka ieu raja buta tur terus-terusan ngalawan. Tapi saha anu dimaksud budak angon (tokoh reformasi) dina ieu bait? Teu kauninga sacara pasti, sabab budak angon mah tara nembongkeun diri, tapi inyana ngabogaan pangaruh anu luar biasa keur rahayatna.

Ti dinya loba nu ribut; mimiti ti jero dapur, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara!

Nu barodo jaradi gelo marantuan nu garelut, di kokolotan ku budak buncireung !

Matakna gareleut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang panglobana; nu teu hawek hayang loba; nu boga hak marenta bageanana.

Ngan anu areling caricing. Ariyana mah ngalalajoan. Tapi kaborerang.

(((((Datang Reformasi, rahayat asa bebas merdeka, atoh geus leupas tina belenggu anu salila ieu pageuh meulit dina awak. Jalma ribut teu puguh, ngadadak loba jalma anu ngaku pahlawan, asa aing reformis anu milu merjoangkeun turuna raja buta. Jalma-jalma ribut narungtut bagean nagara anu baheula mah boro-boro kabagean, ieu hayang jadi raja, ieu hayang  patih atawa punggawa (Presiden, Wapres, Menteri, jll). Ari rahayat dihandap?saruana oge, milu ribut jeung garelut!!

Saha ari jalma anu areling? Nyaeta jalma anu nyaho kana eusi nagara anu sajati, anu apal kana sajarah. Jalma anu kasipuh ku pangaweruh, kapatri ku pangarti. Anjeuna mah teu pipilueun tapi anggeur katepaan buntut maung, kapecretan geutahna.)))))

Nu garelut laju rareureuh. Laju kakara arengeuh kabeh ge taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabeh beak, beak ku nu nyarekel gadean.

(((((12 taun reformasi, jalma-jalma masih keneh can sadar yen maranehanana teh sabenerna keur marebutkeun paisan kosong. Kabeh ge sabenerna euweuh anu meunang bagean. Sabab saestuna warisan (NAGARA) ieu teh geus BEAK!!!. Beakna ku saha? Nya ku saha deui lamun lain ku buta-buta jaman Raja Buta. Maranehana geus ngagadekeun nagara ieu ka bangsa deungeun (inget hutang nagara anu luar biasa badagna). Inget kumaha laku lampah pamingpin anu nungtut ngajualan aset nagara ka bangsa deungeun (privatisasi). Minyak jeung pakaya bangsa urang sejena beak dikeruk ku bangsa dengeun, anak incu turunan urang mah boa kabagean meureun, da lolobana mah diangkut ka nagara batur. Ieu balukar laku lampah para pamingpin urang anu ngagadekeun nagara ka bangsa dengeun. Jadi nagara urang teh bener-bener geus digadekeun)))))

Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju nareangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateupan ku handeuleum di tihangan ku hanjuang.

(((((Reformasi…reformasi…..anu dihareupkeun mawa parobahan jeung katingtriman teh tetela nyamos tina harepan. Reformasi malah jadi RefotNasi. Nagara urang malah tambah awut-awutan, hirup euweuh mendingna, harga sandang pangan beuki mahal, jalma nu korupsi beuki ngalobaan jeung geus euweuh kaera –make aya korupsi berjamaah, kaayaan rahayat saperti balik deui ka Taun 1945/1960. Antukna loba rahayat handap anu mikir, mendingan keneh keur jaman diparentah ku Raja Buta, masing bedegong oge tapi kahirupan rahayat aman, henteu heureut pakeun pungsat bahan cara ayeuna. Akhirna mah ieu buta-buta teh bakal ngahiji deui (kondolidasi)  pikeun malikkeun kakawasaan anu sempet leupas. Ngahijina ieu buta-buta teh tangtu dina wanda (rupa) anu anyar, sabab mun make kedok baheula mah rahayat pasti sieuneun.

Ti dinya nu garelut teh mimiti kareueung….sieun diarah ku buta, sieun ditempuhkeun leungitna nagara. Antukna ieu nu garelut teh neangan budak angon deui, saha ari budak angon dina mangsa ieu? Cing wang coba gambarkeun saeutik….

Budak angon, ari budak teh hartina abid atawa abdi, anu ngucur kesangna lantaran kudu terus aya berjuang di tengah-tengah rahayatna. Jadi ieu budak angon teh nyaeta jalma anu gawena ngabdi. Ngabdi ka rahayat, ngabdi ka sasama, ngabdi ka bangsa/nagara tur ngabdi ka nu Maha Kawasa. Ieu budak angon dina saengoning pangabdiannana teh saestuna sepi ing pamrih rame ing gawe, teu pernah menta buruh atawa menta naon-naon estu ikhlas tur rido. Ari kecap angon,  -nyambung kana bait awal– ngangona teh kalakay jeung tutunggul. Naon ari kalakay jeung tutunggul? Kalakay jeung tutunggul dikiaskeun didieu kana kertas jeung pulpen. Jadi ieu budak angon teh jalma anu gawena ngumpulkeun kertas jeung pulpen, atawa sacara jelasna mah ieu budak angon teh jalma anu resep neangan elmu pangaweruh, resep ngumpulkeun sajarah jeung jalma anu terpelajar. Tapi naha anu mawa parobahan nagara jeung sok aya dina unggal-unggal mangsa teh ngan saukur budak angon (abdi/abid)?lain pamingpin atawa raja?sabenerna mun urang pernah maca tulisan salah saurang sosiolog Iran. Anjeuna nerangkeun yen anu bisa mawa hiji bangsa kana revolusi teh lain ti golongan pamarentah atau elmuwan. Jalma anu bisa mawa rahayat pikeun revolusi teh ngan jalma biasa, tapi ieu jalma biasa teh aya terus di tengah-tengah rahayat, gawe langsung jeung rahayat, jadi bisa ngagerakeun rahayat kana parobahan. Atanapi dina sebatan Antonia Gramsi mah jalma nu disebut Intelectual Organic.

Saungna di birit leuwi, hartina saung = imah/tempat cicing; birit leuwi = tungtung leuwi. Berarti ieu budak angon mun rek indit atawa balik kudu bisa meuntasan eta leuwi. Ieu teh simbol yen budak angon saungna di birit leuwi teh nyaeta jalma anu bisa leumpang/asup jeung ditarima di rupa-rupa tempat jeung golongan. Jadi ieu budak angon teh lain jalma fanatik anu ngan ukur merjoangkeun golongana/partaina wungkul tapi sanggup berjoang jeung sagala pihak pikeun kapentingan sakabeh rahayatna.

Pantona batu satangtung, batu=barang alam anu kacida teuas. Hartina ieu budak angon teh boga pamadegan anu kacida kuat, teguh pancuh lir ibarat batu, teu gampang gedag kaanginan teu unggut kalinduan. Ieu budak angon teu daek diajak kompromi kana jalan anu salah.

Dihateupan ku handeuleum di tihangan ku hanjuang, hartina ieu budak angon teh nyumput buni dinu caang, aya bareng jeung urang tapi teu kawentar sakabeh jalma apal, jalmana sabenerna luar biasa tapi ngaku jalma biasa. Ieu budak angon teh ulah dibayangkeun jalma anu kawentar anu sakabeh rahayat apaleun, malah inyana oge teu apaleun atawa teu pernah ngaku lamun dirina teh budak angon.)))))

Nareangan budak tumbal, Tapi, sejana dek marenta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, enggeus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawene !!

Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul.

(((((Budak angon kaayanana pikasediheun, kusabab teu dipalire jeung dimusuhan wae ku pangawasa ahirna ngahiji bareng jeung budak janggotan miang indit ka Lebak Cawene misahkeun diri. Misahkeun diri ieu teh bisa ku sababaraha sabab, bisa kulantaran geus teu tahan ku sistem pamarentahan anu geus bener-bener ancur. Atawa duanana pindah keur ngahindarkeun tina kadzoliman pagawasa harita, di tempat anu anyar ieu budak angon jeung budak janggotan bisa bisa ngawujudkeun naon anu salila ieu jadi harepan nyaeta nagara anu gemah ripah loh jinawi.

Ngeunaan budak angon jeung budak janggotan, aya kapercayaan anu datangna di beulah wetan dicutat tina salah sahiji blog :

“Aura “dua sosok” tersebut ada pada dua orang Jawa berdarah Sunda pengikut Rasulullah Muhammad SAW melalui Prabu Kian Santang, dan dalam menapak menjalankan ajaran Sunan Kalijaga dan Sunan Gunung Jati. Secara hakekat fenomena ini melambangkan bahwa “dua sosok” beliau adalah berasal dari Trah Pajajaran-Majapahit. Sehingga setidaknya terjawab sudah apa yang telah diwangsitkan oleh Prabu Siliwangi dalam “Uga Wangsit Siliwangi” berkenaan dengan sosok “Budak Angon dan Pemuda Berjanggut yang mengenakan pakaian serba hitam bersandangkan sarung tua”. Dua sosok tersebut mewakili keturunan Prabu Siliwangi yang pergi menuju ke arah Timur.” Dalam kitab Musasar Jayabaya bab Sinom disebutkan bahwa kedua sosok tersebut berhati putih namun masih tersembunyi dan Pemuda Berjanggut adalah keturunan Prabu Siliwangi yang Islam dan sangat bertauhid.

Tak perlu penasaran siapa sejatinya beliau. Karena beliau “dua orang” tersebut tidak akan muncul di permukaan sebelum misi yang dijalankannya paripurna. Missi tersebut berkenaan dengan “Persatuan Umat” dan untuk ingat kembali akan “Ke-Tuhan-an Yang Maha Esa”. Jangan dibayangkan “beliau” akan harus berhadapan dengan jutaan umat di nusantara ini. Namun dalil yang berlaku pada “beliau” adalah : “Nglurug tanpa bala, menang tanpa ngasorake”. Sampai kapanpun “beliau” tidak akan mengaku dan tidak mengetahui bahwa dirinya sebagai sosok “Satria Piningit” itu. “beliau” tengah berjalan dari Timur menuju Barat, meluruskan kembali apa yang salah diantara Majapahit dan Pajajaran (khususnya kejadian Perang Bubat). Prinsipnya banyak hal yang perlu diluruskan berkenaan dengan sejarah nusantara ini. Karena kepentingan pihak-pihak tertentu pasca keruntuhan Majapahit. Sampai dengan dekade ini banyak sejarah yang telah diputarbalikkan ataupun dibengkokkan. Secara empirik catatan atau bukti sejarah boleh hilang, namun di alam kegaiban catatan sejarah nusantara ini tidak dapat dihapus. Tak salah kiranya kembali apa yang tertulis di dalam Uga Wangsit Siliwangi :”Dengarkan! Jaman akan berganti lagi, tapi nanti, setelah Gunung Gede meletus, disusul oleh tujuh gunung. Ribut lagi seluruh bumi, Orang Sunda dipanggil-panggil, Orang Sunda memaafkan. Baik lagi semuanya. Negara bersatu kembali. Nusa jaya lagi, sebab berdiri ratu adil, ratu adil yang sejati.”

Ngan anu jelas ieu budak janggotan teh turunan Prabu Siliwangi anu milu ka beulah wetan, anjeuna bakal mawa ajaran anu ngutamakeun Tauhid ka Allah SWT, sabab poko pangkal karuksakan ieu nagara teh kusabab manusa geus poho kanu nyiptakeunnana, loba kamusyrikan di mana-mana, manusa nyarembah pangkat jeung kadudukan. Ajaran Tauhid anu murni geus jadi barang langka. Budak janggotan bakal datang deui pikeun ngelingan tur meresan ieu kaayaan tapi bari tetep hormat ka karuhunna.)))))

Darengekeun !!

Jaman bakal ganti deui. Tapi engke, amun gunung Gede anggeus bitu di susul ku tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat. Urang Sunda disasambat, urang Sunda ngahampura. Hade deui sakabehanana. Bangunan ngahiji deui. Mangsa jaya, jaya deui; sabab Ratu anu anyar, Ratu Adil sajati. Tapi Ratu saha ? Ti mana asalna eta Ratu ?

Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia eta budak angon ! Jig, geura narindak ! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang !

(((((Ieu bagean wangsit Siliwangi acan bisa kagambarkeun sacara jelas. Tapi kecap gunung, ieu ngalambangkan hal yang luar biasa, anu rongkah. Mun hiji gunung bitu mamalana luar biasa, komo mun tujuh gunung, bisa genjlong ieu nagara. Mun teu salah ngartikeun, revolusi bangsa urang bakal di mimitian ku karusuhan anu muncul di tanah sunda/atawa salah sahiji kota/pulau di tanah sunda (dilambangkan ku gunung gede), terus ngarembet ka wilayah (kota/pulau) sejena (dilambangkeun ku 7 gunung anu sejena). Berarti oge bakal aya kajadian anu ngakibatkeun urang sunda ngamuk terus nusantara jadi rame. Kunanon kecap “gunung gede” bitu teu dihartikeun saujratna? Sabab bakal teu nyambung jeung kalimat “urang sunda disasambat, urang sunda ngahampura” anu artina didieu urang sunda ngambek terus misahkeun diri tina bengkeutan, terus dimenta balik deui, urang sunda ngahampura terus balik deui kana bangkeutan, nusantara jadi ngahiji deui. Nya dina mangsa eta, Ratu Adil anu salila ieu diteangan bakal kapanggih –ku urang Jawa mah ieu ratu Adil teh sok disaruakeun jeung Satria Piningit—tangtu munculna Ratu Adil ieu teh kulantaran pituduh ti budak angon. Prabu Siliwangi teu pernah ngabejaan saha ieu Ratu Adil (saha? Timana?), tapi ngan mere parentah pikeun neangan budak angon, sabab budak angon ieu anu bakal jadi konci utama jeung nu nungtun urang pikeun manggihan Ratu Adil anu sajati. Tapi dina mangsa neangan budak angon jeung Ratu Adil eta urang ulah sakali-kali ngalieuk ka tukang dina artian ulah ningali ka tukang, ka mangsa anu geus kaliwat jeung ulah ngungkit-ngungkit pangalaman katukang)))))

Panutup

Jelas kagambar dina ieu uga, urang sunda anu bakal nyekel pancen pikeun memeres ieu nagara anu geus ruksak. Iraha? Teuing, ngan nu jelaslah mah urang kudu terus usaha pikeun ngomean ieu nagara tapi sakali-kali ulah ngungkit-ngungkit hal-hal anu geus kaliwat. Ayeuna mah anu paling penting sakabeh urang sunda kudu baralik deui ngorehan elmu karuhuna (Pajajaran) tah didinya bakal nepi heula kana uga  Bandung “Sunda nanjung mun anu pundung ka Cikapundung geus baralik deui”—artina mun sakabeh komponen kasundaan geus ngahiji deui, kakara Sunda bakal nanjung. Jeung tugas penting sejena nyaeta urang kudu neangan eta budak angon dimana ayana, mun geus kapanggih kudu didukung ku sarerea. Mudah-mudahan!))))

Dina salah sahiji Uga aya uninga jiga kieu “Nagara urang bakal aman, mun urang jawa tinggal separo, urang belanda tinggal sajodo, urang cina pada lungo” Hartina? Eta mah gampang tinggal terjemahkeun pake kamus wae.

Cag

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s

%d bloggers like this: